PIDATO PERPISAHAN BAHASA SUNDA
Bapa
guru nu ku simkuring dipihormat, sarta rerencangan – rerencangan nu ku
simkuring di pikadeudeuh.
Assalamualaikum Warohmatullahi Wabarokatuh
Tipayun
mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu
mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat
wal’afiat.
Hadirin
sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu
ngawakilan rerencangan sadaya dina raraga acara pipisahan kelas genep.
Rerencangan
– rerencangan, urang sadar yen waktos teu tiasa di puter balik. Ku margi eta
rasa penyesalan sawaktu di SD kirang giat diajar, pangna hayu urang lereskeun
eta rasa penyesalan sabot urang di SMP. Hayu urang emut sarta terapkeun nasehat
bapa sareng ibu guru sarta sepuh urang.
Abdi ngawakilan
rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu
guru anu mana tos ngajarkeun seeur hal.
Abdi ngawakilan
rerencangan – rerencangan kelas VI hoyong nepikeun talatah kanggo adi – adi
sadaya, teu aya kasuksesan tanpa perjuangan, teu aya perjuangan tanpa
pangorbanan sarta teu aya pangorbanan tanpa kaikhlasan. Urang yakin, di poe
kahareupnakeun bade anjog oge waktuna adi – adi ngahontal kalulusan. Koncina
ngan getol diajar sarta tong hilap ngadu’a.
Teu hilap simkuring
anu ngawakilan rerencangan sadaya bade nyuhunkeun dihapunten ka bapa miwah ibu
tina sadaya kalepatan – kalepatan,
simkuring sareng sadaya rerencangan rumaos seueur kalepetan anu ngajengkelkeun ka ibu miwah bapa .
simkuring sareng sadaya rerencangan rumaos seueur kalepetan anu ngajengkelkeun ka ibu miwah bapa .
Sakumaha oge abotna,
saban aya pasamoan tangtos aya pipisahan. Pileuleuyan rerencangan – rerencangan sakelas, pileuleuyan Bapa Ibu
guru.
Sakitu
ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Nyungken hapunten bilih aya
kalepatan .

Tidak ada komentar:
Posting Komentar